Breaking
▸ Pemerintah Umumkan Kebijakan Baru Ekonomi Digital 2026▸ Indonesia Juara SEA Games Cabang Badminton▸ Harga BBM Turun Mulai Besok▸ KPK Tangkap Tersangka Korupsi Dana Desa▸ Pemerintah Umumkan Kebijakan Baru Ekonomi Digital 2026▸ Indonesia Juara SEA Games Cabang Badminton
Budaya

“Qurban Nabi Ibrahim AS “

Admin11 Juni 20240 views2 menit baca

Penasakti.com || Jabar – Saban Iedul Adha anu kaimpleng dina pikiran tos pasti kisah ngeunaan Nabi Ibrohim. Salian ti Nabi Musa Nabi Ibrohim kawilang remen dicaritakeun dina Alquran.

Malah aya surat anu jejerna Ibrohim. Anjeunna jadi sabiwir hiji, bisa jadi lantaran inyana kungsi ngadu’a sangkan Dirina viral sakumaha kaunggel dina QS 26 As-Syu’ara ayat 84
وَاجْعَلْ لِّيْ لِسَانَ صِدْقٍ فِى الْاٰخِرِيْنَ ۙ
“(nun Gusti) jantenkeun abdi kacapangan anu hadé dina mangsa kapayun”

Kanyataanana Nabi Ibrohim memang viral, jadi sabiwir hiji.

Kacida euyeub topik ngeunaan Nabi Irohim, salah sahijina proposal Ibrohim sangkan turunan anjeunna jaradi pamingpin dina mangsa pikahareupeun. Sakumaha kaunggel dina QS 2 Albaoroh ayat 124

۞ وَاِذِ ابْتَلٰٓى اِبْرٰهٖمَ رَبُّهٗ بِكَلِمٰتٍ فَاَتَمَّهُنَّ ۗ قَالَ اِنِّيْ جَاعِلُكَ لِلنَّاسِ اِمَامًا ۗ قَالَ وَمِنْ ذُرِّيَّتِيْ ۗ قَالَ لَا يَنَالُ عَهْدِى الظّٰلِمِيْنَ
124. Jeung sing inget nalika Ibrohim diuji k usual-sual ti Pangéran anjeunna tuluy ngajawab kalawan sampurna.
Alloh ngadawuh: Kami ngistrénan anjeun jadi Imam sakabéh Manusa.
Ngawaler Ibrohim: Sareng turunan abdi ogé!

Ngadawuh Alloh: Kami moal ngagaransi (turunan hidep) anu zholim. Sakumaha ilaharna manusa, Nabi Ibrohim ogé boga kereteg sangkan nu kapeto jadi pamingpin téh ulah dirina wungkul tapi ogé anak-incu jeung turunanana sabondoroyot.

Saliwat mah asa nepotisme éta pamundut téh. Saéstuna sanès Nabi Ibrohim wungkul anu hoyong turunanana jadi pamingpin neraskeun tapak lacakna, tapi ampir sadaya Nabi mibanda kereteg kawas kitu, diantarana Nabi Zakariyya.

Inyana rumasa umur tos udzur, awak geus teu waringkas malah buuk geus ganti pulas. Anjeunna ngahelas ningali kahirupan anu beuki teu béngras.

Ma’siyat mahabu dimana-mana. Nabi Zakariyya hariwang pamingpin kahareup teu sanggup ngungkulan tangtangan hirup kumbuh anu mingkin tambuh.

Sanajan rumasa geus aya dina kakolotan jeung Rahim istrina hapa. Nabi Zakariyya teu kendat munajat sangkan dipaparin turunan pikeun neraskeun kapamingpinan anjeunna.

Kaunggel dina QS 19 Maryam ayat 5 & 6
وَاِنِّيْ خِفْتُ الْمَوَالِيَ مِنْ وَّرَاۤءِيْ وَكَانَتِ امْرَاَتِيْ عَاقِرًا فَهَبْ لِيْ مِنْ لَّدُنْكَ وَلِيًّا @يَّرِثُنِيْ وَيَرِثُ مِنْ اٰلِ يَعْقُوْبَ وَاجْعَلْهُ رَبِّ رَضِيًّا

“Saéstuna kuring hariwang ngeunaan pamingping sabada kuring, sedengkeun pun bojo rahimna hapa, Kukituna sumangga paparin abdi budak tina yugaan Anjeun.

Budak anu baris ngawaris risalah kuring sareng risalah anu digariskeun ti jaman Yaqub, tur jantenkeun Inyana pamuda kameumeut Gusti.”

(Rudy Januar)